kela hampura nya mun salah tempat ieu tulisan, tapi baelah da sarua tur ieu ge, ti kantor ka kape persib keur ngabobotohan,
kamari tanggal 25 pas PERSIB lawan A****, sabenerna euwuh niat lalajo persib ka kape, tapi kami inget yen kami teh bobotoh kape, nya akhirna indit weh, smsan jeung babaturan nu keur kabeneran tugas dibandung, nepika kape persib ( yang tidak persib banget ceuk kami mah )
30menitan saacan der maen, teu kungsi lila datang babaturan akhirna asup, kabeneran menang korsi panghareupna, singkat carita bla,bla,bla, pas gol pertama kami jeung babaturan rada hareudang hawa stadion kabawa kadieu, pas gol kadua beuki kahuruan hulu akhirna nya kaluar lah omongan ti kami jeung babaturan rada tarik ( lain rada tarik sih sabenerna jojorowokan ) UMUH GOBLOG MIKIR SATEH, DLL, nya tiap jojorowokan ampir ngagogoreng bapak menejer kita tercinta, sabenerna nu emosi jojorowokan kitu teh lain kami hungkul jeung babaturan, aya tukangeun kami 4 jelema sarua jeung kami, ngajorowok UMUH EPCE GOBLOG IEU MAH LAIN PERSIB, nu 4 eta mah rada ginding aya nu gaya skin head jeung pinuh kutatto, terus aya oge nu buuk na gimbal, jeung aya nu casual stlye lah mun ceuk barudak ayeuna mah, singkat carita maen teh nggeusan, tah didieu nu rame namah, pas kaluar hate teu ngenah, lantaran ningali si akang jangkung badag nganggo kaos bodas 4 jalmi, teuing iraha datang na, pas mimiti kami jeung babaturan asup mah siakang eta teh can aya, kami langsung ngadekeutan motor, tah ngan apes babaturan pas rek asup kana wahonna rada digiwing ku siakang kaos bodas tadi, kadenge hawar2 maneh na ngomong ka babaturan kami, MANEH KADE NGOMONG TEH,bari rada nyuntrungkeun nitah buru2 asup kana wahon, tidinya kaciri paloba2 omong antara babaturan jeung siakang jangkung ageung,aneh padahal mah didinya teh aya kacang hejo jeung polisi, tapi hare-hare weh koplok teh ningali paloba2 omong teh, singkat carita asup weh babaturan kanu wahona rek balik, kami ngarasa teu ngeunah hate akhirna nuturkeun ti tukang make motor, bener we nu jadi kateungeunah hate teh kajadian, tukangeun kape jl sawung galing mun teu salah mah, hareupeun wisma P*******A, wahon babaturan dipepedkeun ku 2 motor, nu sa motor mah boncengan 2an nu saurang mah sorangan, kaciri nitah turun babaturan teu kungsi lila PRAK babaturan dikepret, kami nu tukangeun langsung nabrakeun motor ka si akang eta, tah tidinya mah bukbek peureup, kami teu bisa caritakeun kumah bukbekna babaturan da kami ge riweuh bukbek,naas keur kami peureup sagede bagong asup kana iga seueul kana angeun, lumayan rada lila aya kana 5 sampe 7menitan, nepika dipisah ku satpam wisma tadi,
beres gelut ( anjeh rada gaya bahasana gelut ) kami jeung babaturan sapamadegan yen rek ngalaporkeun ka polisi, nepi ka kantor polisi bla,bla,bla, kami dititah visum,beres visum eh aneh ceuk polisi teu memenuhi syarat keur laporan tindak penganiayayan, hehe, geus apal nya meureun polisi teh mimiti kami laporan ribut jeung siakang 54,
*na jero hate polisi* ( hese kudu jeung aparat deui ),






0 komentar:
Posting Komentar